Langsung ke konten utama

Postingan

SURAT-SURAT TI JEPANG 6 - Juli-Desember 1984

Dina surat-suratna Ajip némbongkeun ambahan wawasan nu leg pisan kana kabudayaan. Pikeun Ajip kabudayaan lain ngan ukur sastra, basa, seni rupa, tapi deuih perbukuan, politik, ideologi, atikan, filsafat, sosial, ekonomi, kadaérahan, kanasionalan, katut sakabéh pasualan hirup manusa jeung kamanusaan. Kaasup silaturahmi sarta tulung tinulungan jeung papada jalma. Teu kalis anggang di Jepang dina waktu sakitku lilana, 22 taun campleng, Ajip tetep miara silaturahim. Paling hentai ku surat. Sanajan surat-surat 1980-1992 nu ditujukeun ka sakabéh kawawuhan nu ngagunakeun basa sunda, henteu kabéh pengkuh ngabahas basa atawa sastra sunda wungkul. Sakumaha nu geus disebut di luhur, dina surat-suratna Ajip ngabahas sagala perkara nu kawilang parenting. Kaasup kaayaan lemah cai nu teu weléh dituturkeun ti mangsa ka mangsa, ngaliwatan surat kabar, majalah, télévisi jeung informasi tina surat-surat balesan ti nu dikiriman. ~ Usép Romli HM Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2020; 14,5 x 21 cm; 176 kaca; S...

LEUMPEUH YUNI - SERIAL UA HAJI DULHAMID 2

Salah sahiji katapis Ahmad Bakri dina nulis nyaeta gunem-caturna anu karasa hirup ku sabab ngagunakeun basa anu sering kadenge sapopoe, sanajan anjeunna sering ngasup-ngasupkeun kecap-kecap dialek Rancah, lembur asalna. Rea kecap dialek lemburna anu sering makalangan dina tulisan-tulisanana kayaning bebecek, salu, kusi, jrrd. Salian ti eta, dina gunem-catur carita-carita Ahmad Bakri rea nu matak seuri, sabab Ahmad Bakri beunghar sarta parigel pisan dina ngagunakeun humor minangka bungbu carita teh. Kaparigelanana dina ngabungbuan dialog ku humor teh, dimangpaatkeun sacara optimal dina Serial Ua Haji Dulhamid. Sanajan nu sejen kabeh ge ngahormat ka Ua Haji Dulhamid teh. tapi osok aya bae nu ngaheureuyan mah. Hal eta tanwande nyababkeun nu macana hayang seuri, paling imut dina benci. Kiblat Buku Utama, Cit II, 2020; 14,5 x 21 cm; 100 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

COBEK BELUT - SERIAL UA HAJI DULHAMID 3

Salah sahiji katapis Ahmad Bakri dina nulis nyaeta gunem-caturna anu karasa hirup ku sabab ngagunakeun basa anu sering kadenge sapopoe, sanajan anjeunna sering ngasup-ngasupkeun kecap-kecap dialek Rancah, lembur asalna. Rea kecap dialek lemburna anu sering makalangan dina tulisan-tulisanana kayaning bebecek, salu, kusi, jrrd. Salian ti eta, dina gunem-catur carita-carita Ahmad Bakri rea nu matak seuri, sabab Ahmad Bakri beunghar sarta parigel pisan dina ngagunakeun humor minangka bungbu carita teh. Kaparigelanana dina ngabungbuan dialog ku humor teh, dimangpaatkeun sacara optimal dina Serial Ua Haji Dulhamid. Sanajan nu sejen kabeh ge ngahormat ka Ua Haji Dulhamid teh. tapi osok aya bae nu ngaheureuyan mah. Hal eta tanwande nyababkeun nu macana hayang seuri, paling imut dina benci. Kiblat Buku Utama, Cit I, 2020; 14,5 x 21 cm; 108 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Lazada

CECENDET MANDE KIARA - SERIAL UA HAJI DULHAMID 4

Salah sahiji katapis Ahmad Bakri dina nulis nyaeta gunem-caturna anu karasa hirup ku sabab ngagunakeun basa anu sering kadenge sapopoe, sanajan anjeunna sering ngasup-ngasupkeun kecap-kecap dialek Rancah, lembur asalna. Rea kecap dialek lemburna anu sering makalangan dina tulisan-tulisanana kayaning bebecek, salu, kusi, jrrd. Salian ti eta, dina gunem-catur carita-carita Ahmad Bakri rea nu matak seuri, sabab Ahmad Bakri beunghar sarta parigel pisan dina ngagunakeun humor minangka bungbu carita teh. Kaparigelanana dina ngabungbuan dialog ku humor teh, dimangpaatkeun sacara optimal dina Serial Ua Haji Dulhamid. Sanajan nu sejen kabeh ge ngahormat ka Ua Haji Dulhamid teh. tapi osok aya bae nu ngaheureuyan mah. Hal eta tanwande nyababkeun nu macana hayang seuri, paling imut dina benci. Kiblat Buku Utama, Cit I, 2020; 14,5 x 21 cm; 104 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Lazada

JAMAN CACING DUA SADUIT - SERIAL UA HAJI DULHAMID 5

Salah sahiji katapis Ahmad Bakri dina nulis nyaeta gunem-caturna anu karasa hirup ku sabab ngagunakeun basa anu sering kadenge sapopoe, sanajan anjeunna sering ngasup-ngasupkeun kecap-kecap dialek Rancah, lembur asalna. Rea kecap dialek lemburna anu sering makalangan dina tulisan-tulisanana kayaning bebecek, salu, kusi, jrrd. Salian ti eta, dina gunem-catur carita-carita Ahmad Bakri rea nu matak seuri, sabab Ahmad Bakri beunghar sarta parigel pisan dina ngagunakeun humor minangka bungbu carita teh. Kaparigelanana dina ngabungbuan dialog ku humor teh, dimangpaatkeun sacara optimal dina Serial Ua Haji Dulhamid. Sanajan nu sejen kabeh ge ngahormat ka Ua Haji Dulhamid teh. tapi osok aya bae nu ngaheureuyan mah. Hal eta tanwande nyababkeun nu macana hayang seuri, paling imut dina benci. Kiblat Buku Utama, Cit I, 2020; 14,5 x 21 cm; 98 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee , dan  Lazada

IMAH AGRENG

  "Gafuuur..., tulung..." Ti luhur kadéngé nu ngagorowok. Teu lila tina tungturunan tangga, Nyonya Adiguna lumpat ti babaranting, Alam ngoréjat, saréa lumpat muru Nyonya Adiguna. “Papih…Papih…tulungan di luhur!” Saréréa lumpat muru ka luhur, tapi basa kuring ngarérét deui ka handap katénjo Karsa, Alam, Gafur jeung Saléha geus ditahan teu meunang milu ka luhur. Tinggal duaan nu terus muru, dituturkeun ku pulisi duaan, nu dua ngajaga di handap. Rey bulu punduk muringkak, jerit Suminar ngajerit terus ngagabrug ka kuring. Ari pulisi nu duaan rikat ngaburu Adiguna nu geus baloboran getih. Pigeulang leungeunna nu getihan geuwat dibeungkeut. Saurang deui lumpat muru télépon.... Kiblat Buku Utama, 2021; 14,5 x 21 cm; 72 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

RANDA BENGSRAT - YUS RUSAMSI

Ceuk saha awewe heureut deuleu pondok lengkah? Da geuning Esih mah henteu kitu. Manehna miboga sawangan anu jembar ngeunaan hirup manusa, babakuna nu patali jeung kalungguhan awewe dina hirup kumbuh. Pikeun Esih mah, awewe teh sarua baé jeung lalaki, pada-pada manusa nu miboga hak pikeun hirup kalayan merdika. Atuh dina rumah tangga awewe teh lain kembang rumah tangga anu nyerahkeun jiwa raga ka lalaki. Nu matak basa manehna dikawinkeun ku kolotna ka Udi, manehna ngejat sapada harita, ninggalkeun salakina. Esih jadi randa béngsrat, da sok sanajan formalna mah randa tapi saenyana mah tacan kungsi saresmi jeung salakina. Nya terus manehna miang ka kota, ninggalkeun lemburna. Di Jakarta, Esih tepung jeung Kohar anu leuwih intelektual jeung gentleman manan Udi urang lembur. Kitu di antarana nu didongengkeun ku Yus Rusamsi dina roman Randa Bengsrat teh. Roman nu euyeub kugagasan. Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2021; 14,5 x 21 cm : 172 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,...