Langsung ke konten utama

Postingan

POTRET

Potret nyaritakeun kasang tukang kahirupan kota kawadanaan di Ta­tar Sunda samemeh perang, waktu menak masih keneh kumawasa tur dipika­serab ku cacah kuricakan. Ahmad Bakri kalayan tapis ngagambarkeun kabiasa­an sawatara menak nu cruk-crek kawin ka jalma cacah, tuluy ditinggalkeun sang­geusna boga budak. Dina ieu bu­ku, kacaturkeun hiji CA (dibaca Se-A, singgetan tina candidaat ambtenar, calon priyayi) anu karek dibenum tur ditugaskeun di hiji kota kawadanaan. Upas anu ngaping manehna sajeroning magang di dinya, Harja, engkena bakal kanyahoan yen ieu Upas teh dulur sabapa jeung ma­neh­na. Kitu deui anak tere wadana pangsiun nu rek ditikahkeun ka manehna, sihoreng adi sabapa. Ieu roman matak pogot di­bacana. Ahmad Bakri parigel pisan ngareka carita, pagu­nemana­na hirup tur humoris, direumbeuy ku mistéri leungit­na potret Juragan Se-A ti kamarna. Kiblat Buku Utama, 2021; 14,5 x 21 cm; 128 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

KANYAAH KOLOT

Kumpulan carita pondok (carpon) Kanyaah Kolot karangan Karna Yudibrata, sanajan ditulis taun 1960-an tur munggaran medali jadi buku taun 1985, dibaca deui taun 2014, topik jeung pasualan anu meulit dina diri tokoh-tokohna, angger ngagurilap. Lebah dieu unggulna sastra mun dibanding jeung tulisan wangun séjén, komo berita: tembus jaman. Sakumaha pada terang, teu sakabéh karya sastra sanggup nitih wanci ngalanglang jaman jeung gurilapna, ngageterkeun rasa nitirkeun pikir. Nu ngoléang siga kalakay tuluy ngabalaan pakarangan gé teu saeutik. Buah alaeun tina dalapan carita pondok nu aya dina Kanyaah Kolot téh kawilang leubeut. Pangarang teu sakadar ancrub, tapi teuleum ngubek leuwi kahirupan. Pangarang teu sakadar ngulinkeun basa, tapi nyaksrak ngabedah rasa. Tina ngobét pasipatan manusa, pangarang nembrakkeun pasualan anu kawilang universal anu nyampak dina diri manusa. Cécép Burdansyah Kiblat Buku Utama, Cit. II, 2021; 14,5 x 21 cm; 116 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia  dan...

PILEULEUYAN

Yus Rusamsi Roman pondok Pileuleuyan nyarita­keun hiji guru awéwé anu resep kana kurung-karang, sanajan hadé rupa tapi hésé meunangkeun jodo anu cop jeung lelembutanana. Kungsi bogoh ka hiji lalaki, tur lalakina bogoheun deuih ka manéh ­na. Tapi lantaran bapana kalibet perkara ngajual barang-barang nagara, kabogohna ngarasa wirang, tuluy megat­keun hubungan jeung manéhna. Si awéwé tuluy papanggih jeung lalaki anu luyu jeung angen-angenna, nyaéta batur lawas nu geus jadi palukis. Ngan hanjakal geus boga anak-pamajikan. Sanajan si palukis balaka yén geus ngarasa cocog jeung ma­néh­na lantaran boga cita-cita nu sarua. Tapi ahirna si awéwé mutus­keun moal narima éta lamaran, sabab manéhna ngarasa teu ngeunah meu­nang kabagjaan bari ngabaruntakkeun kulawarga nu lian.  Edisi Kiblat Buku Utama, Citakan. I, 2014, 56 kaca, Rp 15.000,-

SANG KURIANG

Dina ieu buku dimuatkeun dua karya Utuy Tatang Sontani ngeunaan Sang Kuriang. Dina bagian kahiji, dijudulan “Sang Kuriang”, mangrupa libreto dua babak. Libreto teh teks laguaneun dina opera. Jadi lamun Sang Kuriang dipintonkeun kudu bari dikawihkeun, cara dina gending karesmen. Ari dina bagian kadua, dijudulan “Sangkuriang—Dayang Sumbi” mangrupa drama tilu bagian. Dina Sang Kuriang Utuy mah, Sang Kuriang ngalamar indungna teh ku sabab manehna jadi henteu percaya kana beja ti nu lian kaasup ti indungna, da manehna ngan yakin kana pamanggihna sorangan. Cindekna dina “Sang Kuriang” rea bedana jeung “Sangkuriang—Dayang Sumbi”. Duanana ngagambarkeun barobahna tapsiran Utuy ngeunaan dongeng Sang Kuriang. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 116 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

SAÉNI

Hadi AKS Saéni ngaguar lalakon cinta nu ahéng antara anak jeung indung. Asih nu kemba, nu ukur ngagalindeng dina angen sorangan, jadi daya tarik utama tina ieu carita. Gambaran alam basisir, kahirupan pamayang jeung kapercayaan mistikna, kasenian Ubrug di pasisian Banten, minangka latar anu henteu kapanggih dina novel Sunda saméméhna. Saéni geus ngasongkeun nuansa séjén nu nenggang dina kamekaran sastra Sunda kiwari. Nilik kana beungharna pangaweruh anu gumulung dina jagat Saéni , kuring yakin ieu novel téh ngan bisa ditulis ku leungeun nu bobolokot (dirobah tina kekecapan van Peursen: “berpikir dengan tangan kotor”). Hartina, ieu novel téh ngan bisa ditulis satutas pangarangna bobolokot ngayakeun panalung-tikan anu daria ngeunaan kahirupan pamayang jeung anak wayang. Tegesna, lain novel ladang ngalamun. Pikeun pakumbuhan sastra Sunda mah ieu téh kontribusi nu lain lumayan. Ku medalna Saéni sastra Sunda ku Hadi AKS dibetot ti Priangan ka basisir kulon, saperti Darpan nu metot sas...

KEMBANG PATAPAN

Geulis keur rumaja putri. Acining geulis ieu mah. Teu butuh ku ditataan kageulisanana, lantaran geulis ka batin-batinna. Lain geulis galur pantun, nu sok disebut waosna gula gumantung, halisna ngajeler paeh... tapi geulis nu kacipta dina sipating manusa. Nelah Kembang Patapan. Payus disebut madu kayungyun nu matak giung teh. Matak uruy ku ampuhna, kabita ku jatnikana. Geulis bari teu ngarasa geulis deuih. Pinterna bari teu rumasa bisa, jajauheun kumagungan ieu aing. Bubuhan atuh tedak patapan, wawangen kembang pasantren. Dewi Amisani kakasihna teh. Kiblat Buku Utama, 2014; 14,5 x 21 cm.; 92 kaca; Softcfover Beli di  Tokopedia ;  Lazada , dan  Bukalapak

SÉNAPATI BALANGANTRANG

Saléh Danasasmita Dina ieu buku Saléh museurkeun tilikanana kana bubuk leutikna “intrik jeung barébédan pulitik” di sabudeureun karaton Galuh dina abad ka-7 jeung ka-8 Maséhi. Nu maca diajak wawanohan jeung tokoh-tokoh sajarah rundayan Wreti kandayun, putra bungsu Prabu Kandiawan nu nyakrawati di Medang Jati. Wretikandayun jumeneng raja ngagentos ramana dina taun 612 kalayan ngadegkeun karaton anyar nu katelah Galuh alias Permata. Demi Sénapati Balangantrang, anu jadi puseur perhatian dina ieu buku, éta téh putuna Wretikandayun ti putrana anu kadua, nyaéta Jantaka. Balangantrang téh jujuluk pikeun Bimaraksa anu dibabarkeun taun 653. Nya pangalaman Balangantrang ti mangsa ka mangsa nu dijieun galuring pedaran sajarah dina ieu buku. ~ Haw é Setiawan Citakan I, 2014; 14,5 x 21 cm; 56 kaca; Rp 14.000,-