Langsung ke konten utama

Postingan

KEMBANG PATAPAN

Geulis keur rumaja putri. Acining geulis ieu mah. Teu butuh ku ditataan kageulisanana, lantaran geulis ka batin-batinna. Lain geulis galur pantun, nu sok disebut waosna gula gumantung, halisna ngajeler paeh... tapi geulis nu kacipta dina sipating manusa. Nelah Kembang Patapan. Payus disebut madu kayungyun nu matak giung teh. Matak uruy ku ampuhna, kabita ku jatnikana. Geulis bari teu ngarasa geulis deuih. Pinterna bari teu rumasa bisa, jajauheun kumagungan ieu aing. Bubuhan atuh tedak patapan, wawangen kembang pasantren. Dewi Amisani kakasihna teh. Kiblat Buku Utama, 2014; 14,5 x 21 cm.; 92 kaca; Softcfover Beli di  Tokopedia ;  Lazada , dan  Bukalapak

SÉNAPATI BALANGANTRANG

Saléh Danasasmita Dina ieu buku Saléh museurkeun tilikanana kana bubuk leutikna “intrik jeung barébédan pulitik” di sabudeureun karaton Galuh dina abad ka-7 jeung ka-8 Maséhi. Nu maca diajak wawanohan jeung tokoh-tokoh sajarah rundayan Wreti kandayun, putra bungsu Prabu Kandiawan nu nyakrawati di Medang Jati. Wretikandayun jumeneng raja ngagentos ramana dina taun 612 kalayan ngadegkeun karaton anyar nu katelah Galuh alias Permata. Demi Sénapati Balangantrang, anu jadi puseur perhatian dina ieu buku, éta téh putuna Wretikandayun ti putrana anu kadua, nyaéta Jantaka. Balangantrang téh jujuluk pikeun Bimaraksa anu dibabarkeun taun 653. Nya pangalaman Balangantrang ti mangsa ka mangsa nu dijieun galuring pedaran sajarah dina ieu buku. ~ Haw é Setiawan Citakan I, 2014; 14,5 x 21 cm; 56 kaca; Rp 14.000,-

BOGOH KA RANDA

Apip Mustopa Roman pondok Bogoh ka Randa nyaritakeun jajaka Sunda umur dua puluhan anu ngumbara ka Indonésia bagian wétan, Florés. Manéhanana nganjrek di bumi Pa Kapala Kantor—turunan Tionghoa-Bugis—anu boga anak awéwé nu masih kénéh ngora tapi geus jadi randa tur boga anak deuih. Ku lantaran saimah jeung sering papanggih , Si Jajaka neundeun haté ka Nyi Randa, nu tadina geus pareum sumanget hirupna lantaran pegat pangharepanana. Hanjakal hubungan maranéhanana nu geus layeut téh ngadadak pegat lantaran aya pihak katilu, nyaéta lalaki urang Sunda kawawuhan Si Jajaka anu bogoheun ka Nyi Randa. Ku Nyi Randa, lalaki Sunda nu anyar papanggih téh dianggapna leuwih 'sakupu' lantaran duda—sanajan umurna geus tilu puluhan—tur tina hal posisina (Kapala Lalulintas Jalan kota Éndé) leuwih unggul batan Si Jajaka.   Edisi Kiblat Buku Utama, Cit. I, 2013; 14,5 x 21 cm.; 40 kaca; Rp 12.000,-

KATRESNAN

Tema kang kaangkat dening novel pangriptane Soeratman—salah sawijining pangripta Bale Pustaka, sing duwe missi nyengkuyung modhernisasi kang diwulangake dening Pamarentah minangka piranti kanggo nyebarake lan nggegulang Politik Etis—ora adoh karo missine Pamarentah wektu samono. Ing novel iki Soeratman nggarap konflik antarane generasi mudha karo generasi tuwa ngenani bab nikah peksan. Akeh banget novel sing nggarap tema iki, embuh basa Melayu (sadurunge ana “Basa Indonesia”) embuh basa ibu (saiki sinebut basa daerah), “amenangake” generasi tuwa, sing biasane temahane generasi mudha “kang kalah” mau tumiba ana ing kasangsaran. Ing Katresnan iki, pangripta ngliwati tokoh Mursiati kasil njugarake dominasi nikah peksan, kanthi argumentasi kang “nyekolahan” lan jinurung dening “katresnan” kang gedhe marang pacangane (Sutrisna). Ing novel iki, akeh piwulang kang migunani, utamane bab-bab spiritual kang dialami paragatama, kanggo para maos. Sumangga! Kiblat Buku Utama, 2013; 14,5 x 21 cm.; 9...

SI KABAYAN NGALALANA

M.O. Koesman   Si Kabayan Ngalalana diwangun tina dua épisodeu kahirupan Si Kabayan, nyaéta “Si Kabayan Ngalalana” jeung “Si Kabayan Ngaronda”. Dina alam pikiran urang Sunda, ieu tokoh téh dianggap deukeut-deukeut kana tokoh samodél Nasrudin Hoja atawa Ab unawas, anu sakapeung bijak jiga Sufi, pikaserieun, bodo, pelit jeung réa akal-ékolna. Teu aya nu terang mana carita Si Kabayan nu asli, anu jelas carita rékaan anu tuluy tokohna dingaranan Si Kabayan beuki nambahan, malah aya saduran tina carita satir ti nagri deungeun tokohna dibéré ngaran Si Kabayan. Dua carita dina ieu buku jigana dipulung tina carita nu geus lama aya di masarakat Sunda tuluy diropéa ku pangarangna jadi carita nu hadé tur boga ajén, lain ngan sakadar pikaserieun wungkul.   Edisi Kiblat Buku Utama, Cit. I, 2013; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca; Rp 18.000,-

SAMAGAHA DI SALAKANAGARA

Ieu roman pondok teh nyaritakeun suasana harengheng di Salakanagarawewengkon anu perenahna di basisir kulon Pulo Jawasamemeh ngadeg jadi karajaan. Waktu harita Salakanagara kadatangan urang Barata (India kidul), anu lainngan saukur daragang tapi nyebarkeun ageman anyar (Hindu), bari satengah maksa jeung rada ngahina kana ageman lokal. Lulugu urang Barata anu ngaranna Dewawarman (engkena ngadegkeun karajaan Salakanagara sarta jadi rajana nu munggaran) mikahayang Nyi Pohaci Larasati, putrana Aki Tirem, sesepuh rahayat Salakanagara. Samagaha di Salakanagara teh ngagambarkeun kateusukaan rahayat di eta wewengkon kana talajak laku deungeun, jeung kateupanujuan maranehanana kana kahayang Dewawarman anu mileuleuheungkeun Nyi Pohaci Larasati. Basa jeung kekecapan nu digunakeun dina ieu roman karasa unik: kalimat-kalimatna pararondok, malah aya kekecapan anu kabaheulaan, semu-semu dialek basisir Banten. Kiblat Buku Utama, 2022; 14,5 x 21 cm; 64 kaca Beli di  Tokopedia ,  Shopee , ...

DIRAWU KÉLONG

Ahmad Bakri   Ngaliwatan carita-carita dina Dirawu Kélong (kumpulan épisodeu kahirupan sapopoé Jang Udin, anak Jurutulis désa jeung babaturanana), Ahmad Bakri méré atikan, pangajaran, jeung tungtunan hususna ka barudak ngeunaan tatakrama urang Sunda, upamana dina ngahormat ka kolot jeung ka nu leuwih kolot, miasih ka nu leuwih ngora atawa ka nu sangsara, hadé tur akur jeung babaturanana, jeung sajabana. Bubuhan Ahmad Bakri mah ampir saumur-umur jadi guru, dina carita-caritana henteu karasa mapatahan atawa ngaguruan. Tapis dina nepikeun amanat ku obrolan antara Jang Udin jeung papada babaturanana, jeung kolotna atawa jeung nu dipikolot. Ieu buku lain baé hadé dibaca ku barudak, tapi ogé ku kolot anu boga budak nu masih kénéh sakola di SD, jeung ku para guru deuih. Cit. I, 2013; 14,5 x 21 cm.; 68 kaca; Rp 17.000,-