Langsung ke konten utama

Postingan

SAJAK SUNDA

Dipilih tur dipanganteuran ku Ajip Rosidi Dina sajarahna anu tacan kungsi satengah abad, kabuktian sajak dina basa Sunda téh geus ngahontal ajén anu bisa dipikareueus jeung geus miboga tradisi anu pageuh ngakar dina kahirupan budaya. Sajak, cara dangding nu mangrupa wangunan sastra anu jolna tina pangaruh sastra dina basa séjén, dina basa Sunda geus tumuwuh kalawan séhat tur réa sastrawan Sunda anu némbongkeun karancagéanana ku nyipta sastra dina éta wangunan. Cindekna wangunan sajak dina basa Sunda anu waktu mimiti diwanohkeun dina sabudeureun tahun 1950 réa meunang panolak ti jalma-jalma anu kabungbulengan ku dangding, kiwari geus jadi wangunan anu mapan, tur geus ngabeungharan sastra Sunda ku ciptaan-ciptaan anu luhur ajénna. Buku Sajak Sunda anu eusina ngan sajak wungkul, ngabuktikeun hal éta. Dina ieu buku dimuat sajak-sajak anu ku nyusunna dianggap miboga ajén pikeun dipidangkeun. Ieu buku lain baé mangrupa kabeungharan khazanah sastra Sunda, tapi mangrupa wujud budaya anu bari...

URANG SUNDA JEUNG BASA SUNDA

Ajip Rosidi Tina kanyataan sapopoé, katingal yén urang Sunda beuki réa anu embung nyarita ku basa Sunda. Salah sahiji sababna nyaéta henteu ngarasa reueus kana basa Sunda, sanajan ceuk sawatara ahli basa Sunda téh basa anu pangbeungharna, panglemesna, jeung pangngeunahna didéngékeunana. Buku Urang Sunda jeung Basa Sunda hayang ngahudangkeun kareueus urang Sunda sangkan nyarita basa Sunda, lain baé jeung babaturanana sapantar atawa jeung salaki atawa pamajikanana baé, tapi pangpangna jeung barudakna nu jadi ahli waris anu sah pikeun manjangkeun umur basa Sunda sangkan lana di dunya. Cit. I, 2007; 14,5 x 21 cm.; 184 kaca; ISBN 979-3631-80-5; Rp 30.000,-

OLéH-OLéH PERTEMPURAN

Rukmana Hs. Sabada maca Oléh-Oléh Pertempuran , barudak Sunda anu henteu kungsi ngalaman révolusi, nu henteu boga gambaran kumaha saenyana kayaan jaman harita, ngaliwatan hasil kréasi nu imajinatif, baris boga gambaran anu leuwih riil ngeunaan mangsa harita. Cindekna, carita-carita Rukmana Hs. Bisa dianggap minangka saksi ngeunaan patriotisme jeung kaihlasan para pamuda Sunda dina enggoning ngabéla kamerdékaan bangsana. Cit. I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 182 kaca; ISBN 979-3631-94-5; Rp 28.000,-

KAMUS BASA SUNDA R.A. DANADIBRATA

Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda Kiblat Buku Utama jeung Universitas Padjadjaran (Edisi Hardcover) Kamus basa Sunda medal deui. Ayeuna mah R.A. Danadibrata (1905-1987) nu nyusunna téh. Hasil kumpal-kempil kukumpul kekecapan salila 40 taun éta téh. Ti 1930-1970-an persisna mah. Munasabah mun jumlah éntrina pangréana, 40.000 kitu atuh. Mangga bandingkeun sareng kamus basa Sunda liana. Katara geura onjoyna. A Dictionary of the Sunda Language of Java (1862) anu disusun ku Jonathan Rigg, éntrina ngan 9.308. Kamus Basa Sunda (1948) yasana Sacadibrata ngan ngawadahan 18.000 éntri. Demi Soendaas-Nederlands Woordenboek (1984) anu disusun ku F.S. Eringa ngan nepi ka 22.500 éntri. Lebah dinya nyongcolangna Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata téh. Nu matak salila 150 taun lalakon nyusun kamus basa Sunda, sigana nya R.A. Danadibrata pisan nu bias ngalengkepan kandaga kamus Sunda. Geuning sidik basa Sunda téh beunghar. Cit. I, 2006; 18,5 x 24,5 cm.; 782 kaca; ISBN 979-3631-93-7; Rp 275.000,-

LAGU LIWUNG URANG BANDUNG

Apung S. Wiratmadja Lagu Liwung Urang Bandung nu ngamuat 30 dangding jeung dua sawér téh ngébréhkeun rupaning rasa anu pagaliwota jeroeun dada Apung S. Wiratmadja. Taya lian nu dipicangcamna téh nanasiban anu karandapan ku dayeuh Bandung kiwari. Boh nu gérengna. Bohn nu hadean. Cit. I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca; ISBN 979-3631-92-9; Rp 15.000,-

SURAH YAA SIIN

Tarjamahna Dina Basa Sunda Sareng Sari Tilawahna Winangun Pupuh Kenging Drs. Hr. Hidayat Suryalaga Citakan I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 48 kaca; Rp 15.000,-

TATARUCINGAN URANG SUNDA

Beunang Ngumpulkeun Rachmat Taufiq Hidayat & Darpan, S.Pd. Sanajan tatarucingan parantos lami dipikawanoh ku urang Sunda, tapi dugi ka danget ayeuna, teu acan seueur anu leukeun ngempelkeunana dina wa­ngun buku. éta baé dina mangsa saratus taun téh, urang ngan ukur mendakan opat buku tata­rucingan. Padahal, tatarucingan urang Sunda téh teras nambihan ti wanci ka wanci, sumebar saca­ra lisan di kalangan barudak Sunda, sareng baca­car dina majalah-majalah basa Sunda. Ieu buku midangkeun sawatara conto tata­ru­cing­an anu mindeng jadi bungbu heureuy urang Sun­da, pangpangna di lingkungan barudak. Cit. I, 2006; 14,5 x 21 cm.; 64 kaca; ISBN 979-3631-66-X; Rp 15.000,-