Putri Ayu Punianjung téh putri hiji-hijina Prabu Rajadiraja ti nagara Ukurcatur anu geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina; geulis taya babandinganana éndah taya papadana. Mimitina mah Nyi Putri ngarasa reueus yén dirina loba nu mikahayang téh. Ngan lila-lila mah jadi bingung soorangan kumaha carana narima panglamar nu datangna ti para raja, putra makuta, saudagar nu beurat beunghar, jsb. Antukna Nyi Putri ngayakeun saémbara: sing saha baé anu bisa nyumponan paménta Nyi Putri tanwandé bakal jadi salakina. Ari paméntana téh nyaéta kudu mawa ”peujit reungit sapariuk” jeung ”uteuk tongo sapaso”. Kacaturkeun Ki Mandahong, hiji raja wanara ti karajaan Leuweungkeueung, sanggeus nepikeun panglamarna, ngarasa yakin yén manéhna bisa nohonan paménta Nyi Putri. Kumaha satuluyna ieu carita? Naha Ki Mandahong bisa ngabuktikeun tilu rupa paménta Nyi Putri sarta ngaboyong Nyi Putri dibawa ka karajaanana? Dakman Mudyadi; Cit. I, 2016, 14,5 x 21 cm., 48 kaca
Buku Basa Sunda