Langsung ke konten utama

Postingan

Menampilkan postingan dari Oktober, 2013

TITIMANGSA

68 Sajak Alit Abdullah Mustappa Abdullah Mustappa nulis prosa, puisi, jeung éséy boh dina basa Sunda boh dina basa In­donésia. Éséyna ngeunaan puisi Amir Hamzah unggul dina sayém­bara nu diayakeun ku Pusat Bahasa, Jakarta. Taun 1997, Abdullah dilélér Anugerah Jurnalistik “Zulharmans” ti PWI Pusat pikeun éséy­­na “Kita Butuh Dialog Kebudayaan” nu dimuat dina harian Pi­kir­an Rakyat . Bukuna nu geus terbit di antarana Hang Tuah (1974), Lembur Singkur (1979), Nu Teu Kungsi Ka­lisankeun (1981), Mikung (1983), Si Mata Heu­lang (saduran bébas, 1980), Wirahma Sajak (panganteur aprésiasi pu­isi keur siswa sakola lanjutan, 1985), jeung Cihaliwung Nunjang Ngidul (1995). Jadi éditor buku Sawidak Carita Pondok (kumpulan 60 carpon pinilih, 1982), Panggung Wayang (kumpulan carpon Aam Amalia, 1992), Saratus Sajak Sunda (1992), Sajak Sunda Indonésia Emas (1995). Taun 1995, Abdullah dilélér Hadiah Samsudi pi­keun bacaan barudak ti Yayasan Kabudayaan Rancagé. Taun 2001, Abdulah dilélér Ha

CARITA BUDAK MINGGAT

Carita Budak Minggat ngalalakonkeun Si Kampeng--budak umur 16 taun, anu minggat lantaran ngadupak bapa terena nepi ka sirahna getihan lantaran tidagor kana juru tihang imah. Dina miminggatan salila kurang-leuwih 10 bulan, Si Kampeng kungsi jadi kuli kontrak di Deli jeung Bengkalis. Kungsi deuih nulungan kuli bangsa Cina anu rek dikerekeb ku maung. Ku sabab leukeun diajar tur kaasup budak calakan, manehna bisa jadi tukang batu jeung tukang kai. Ahirna, manehna bisa balik deui ka Bandung kalawan salamet bari meunang pangalaman anu kacida munelna tur mawa duit ladang gawena di Sumatra. Kiblat Buku Utama, 2018; 14,5 x 21 cm; 124 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak

PEPERENIAN URANG SUNDA

Rachmat Taufiq Hidayat spk. Peperenian Urang Sunda enas-enasna mah ha­yang némbongkeun kaunikan basa Sunda. Éta kaunikan téh tangtu némbongkeun pangalaman hirup urang Sunda anu mibanda konvénsi budaya sorangan. Pangpangna mah tangtu baé bisa nu­duh­keun tradisi masarakat Sunda ti waktu ka wak­tu. Tradisi anu lahir tina kabiasaan-kabiasaan hi­rup urang Sunda téh medalna henteu sabong­brong. Mun nilik kana wawangunan imah, paka­kas, kadaharan jeung inuman, pakasaban, atawa réana babasan jeung paribasa anu kekecapana­na nyokot tina ngaran-ngaran tutuwuhan jeung sasatoan, tanwandé éta téh némbongkeun yén masarakat Sunda hirup sa­po­poéna deukeut jeung lingkungan alam. Cit. IV, 2013 (Kertas koran); 14,5 x 21 cm.; 288 kaca; Rp 40.000,-

WIRA PAKUNCÉN

M.É. Nata Sukarya Lantaran hayangeun pisan boga mi-nantu ménak, Wira ngabedokeun panglamar kolotna Ahman, papacangan anakna, Nyi Erum. Padahal antara Ahman jeung Nyi Erum téh geus pakait pikir rék sapapait samamanis. Ceuk angkananana, bébésan an jeung ménak mah tangtu bakal ngangkat darajat dirina satata jeung ménak. Tapi éta ambisi téh henteu kacumponan, lantaran “pibésaneunana” henteu nyaluyuan anakna meunangkeun Nyi Erum, da lain babad téa, cenah. Ari Ki Wira téh asalna mah jelema malarat, ngumbara ka Déli, sarta waktu balik deui ka lemburna jadi jelema beunghar. Ngan hanjakal robah adat jeung kalakuanana, ngarasa martabatna leuwih ti batur salemburna. Kalakuanana geus ngalantarankeun anakna jeung pamajikanana, hilang mulang ka asal. Satuluyna Ki Wira jadi jelema nu sangsara tur ngalaman tunggara nu pohara gedéna. Dina sésa-sésa hirupna manéhna jadi pakuncén di pamakaman Pasirkunci. Édisi Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2013; 14,5 x 21 cm; 146 kaca; Rp 37.000,-

RONGGENG SAJAJAGAT - SERIAL UA HAJI DULHAMID 1

Dina dialog-obrolan Serial Ua Haji Dulhamid téh rea nasehat anu marunel sanajan eusina mah lolobana geus bari karena sering dipituahkeun ku para sepuh. Tapi ku sabab ditepikeunana ku Ahmad Bakri—ngaliwatan gunem catur antara Ua Haji jeung batur ngobrolna, di emperan masjid atawa di imahna—diselapan ku heureuy anu memiliki pilemburan, eta nasehat jeung pituah teh teu karasa mapatahan ka nu macana. Ari bahan gunem caturna umumna mangrupa pangalaman beh ditu, anu kaalaman ku Ua Haji jeung nu sapantaranana tapi henteu kaalaman ku nu sejen nu sok milu ngawangkong. Nya katapis ngadongeng jeung kaparigelan nyarita jadi salah sahiji kapunjul Ahmad Bakri dibandingkeun jeung para pangarang Sunda lianna. Kiblat Buku Utama, Cit. I, 2020; 14,5 x 21 cm; 100 kaca; Softcover Beli di  Tokopedia ,  Shopee ,  Lazada , dan  Bukalapak